Apa yang bisa saya bantu

Senin, 08 Mei 2017

Lirik kembang tanjung panineungan

Kembang Tanjung Panineungan

Anaking jimat awaking Basa ema mulung tanjung rebun-rebun Di pakarangan nu reumis keneh Harita keur kakandungan ku hidep

Geus opat tahun ka tukang Ema nyipta mulung bentang

Nu marurag peuting tadi Bentang seungit ditiiran pangangguran

Anaking jimat awaking
Basa ema mulung tanjung reujeung hidep

Bet henteu sangkaa, aya nu dating

Ti gunung rek ngabejakeun bapa hidep

Nu opat poe teu mulang ngepung gunung Pager bitis

Cenah tiwas peuting tadi Layonna keur kadieukeun,

Di pulangkan Harita waktu layonna geus dating Ema ceurik ieuh balilihan

Ras ka hidep ieuh na kandungan Utun inji budak yatim, deudeuh teuing

Harita waktu layon geus di gotong Ema inget ieuh kana tanjung Di kalungkeun na pasaran Kembang asih panganggeusan ieuh ti duaan

Anaking jimat awaking Lamun ema mulung tanjung reujeung hidepKasuat-suat nya pipikiran

Tapina kedalna ku hariring Hariring eling ku eling Kana tanjung nu di pulung Ehn kembang tanjung Nu nyengitan pakarangan

Nu nyengitan hate urang, panineungan.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar